Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

18 February 2014

Pilek

Lima poé teu mandi, awakna seungit kawas bangké. Éraeun mun pareng aya nu ngalayad. Huak-hoék hayang miceun reuhak nu nyangked na tikoro. "Oh My God, dipiceun lebar, diteureuy geuleuh!" ceuk manéhna.
Nyingsring disakalikeun. "Yééé..! Ati-ati atuh. Ngacleng kana beungeut aing!" ceuk dokter nu mariksa bari pakupis meresihan lého dina beungeutna ku tisu. Gancang muru wastapél. Sibeungeut. Ambek. Ngan gejos wé si pasén disuntik. Gorowok, "ampuuuun...!"
Dokter bungah. Indit bari sura-seuri. Nu gering nyangsaya. Awakna ngalempréh tanpa daya.
Kuniang hudang. "Uing di mana?" cenah. Mimiti kumpul deui pangacianna. Istighfar. "Sugan gélo sakadang dokter téh!" ngomong sorangan.
Babatek. Aing kudu mandi ayeuna mah, gerentesna. "Pa, ulah waka ibak!" perawat nyaram. "Lah, kumaha uing wé atuh!" jawabna bari gebrus mandi. Ampir sa-jam karék kaluar ti kamar mandi. Ngéhkéh batuk dibarung sora luhur-handap patémbalan. Golédag saré deui, kaciri aya nu ngambay dina kumisna.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013