Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

24 June 2013

Puriding Puringkak

Peuting beuki jempling. Usum ngijih, hujan ngaririncik ti soré mula. Rekééét...rekééét...rekééét sora palupuh katincak. Ikin keketeyepan. Dina dipan, Asih morongkol, dibulen simbut kandel. Inghakna ditahan. Nu nyampeurkeun beuki deukeut. Gabrug!!!
Papuket, silih piting silih dengkék. Ungked-ungkedan. Reungit kalabur nyingkahan bau késang. Imah ririyegan, jiga aya lini. Nu galungan beuki rosa. Guar-gaor badis ucing baor. "Kaaaaang...!" aya nu humarurung. Asih ngalempréh. Karérét salakina masih kénéh tibra, nonggongan.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013