Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

29 May 2014

Kawiwirangan

Hahariringan jeung solawatan bari ngéyong orok di tengah imah geus jadi kabiasaan. "Astaghfirullah robbal baroya, astaghfirullah minal khotoya...," bari ngéyong-ngéyong Si Jalu nu karék umur saminggu. "Néng néléngnéngkung geura gedé geura jangkung, geura nyaba ka Bandung, di Bandung diajar nyandung," diteruskeun ku hariring. Aya nu patingcikikik di tepas, teu diwaro. Solawatan jeung hariring beuki ditarikkeun.
Heuay beuki kerep, orok can kénéh reup. Indung budak jongjon ngobrol jeung sémah nu ngaralayad. Teu apal saha-sahana nu daratang. Usaha satékah polah sangkan Si Jalu gancang saré dina éyongan. Teu ku hanteu orok téh ngadon neuteup beungeut bari bebelenyéhan, lucu pisan.
Diajak nyarita. "Ihsan, upami tos ageung. Tong kawas ayah..! Ayah mah resep hitut ditarikkeun," bari ngaheujeun. Rut hitut tarik pisan. Imah inggeung. Kapireng aya nu batuk tukangeun. Kuring malik. "Euh, geuning Emah?!" reuwas jeung éra. "Ulah ditanagaan atuh ari bobos téh," saur anjeunna bari mésem. Ngulapés kumis baplang téh.
read more...

23 May 2014

Asihan Semar Mesem

Nénjo paripolah Si Joni mun keur reureujeungan jeung Néng Titin, haté sok ngahéab. Geuleuh ku gayana. Arjuna wé rarasaanana téh. Réa nu bogoh ka Néng Titin tapi naha bet milih Si Éta. Euweuh saingan puguh gé. Beungeut kasép jaba kolotna beunghar. Uing onaman jauh ka jegud. Teu béda ti Si Cépot beubeungeutan téh.
Kabungbulengan ku Néng Titin. Awak ngadadak ngorotan. Barangdahar teu mirasa. Opat poé opat peuting teu bisa saré. Gulang-guling ngagugulung guguling nepi ka galingging panas tiris. "Omat, kudu keyeng ngawiridkeunana!" ceuk Bah Karta basa ngawaris jampé pélétna. Henteu mungpang kana papatah, sagalana dilakonan kalayan daria naker.
Bogoh katotoloyoh téh aya hasilna. Anéh bin ajaib Si Manéhna ngadon nyampeurkeun ka imah. "Titin émut waé ka Akang...!" pokna teu basa-basi heula. "Ulah waka hudang! Rarasakeun sing nepi ka jadi kanyataan," aya haréwos kana ceuli.
read more...
 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013