Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

24 August 2013

Goyang Maut

Bujur démplon, pikabitaeun nu nénjo. Imut jeung dilakna matak ngendagkeun jajantung para jajaka nu keur sumedeng begér. Ditilik ti gigir lenggik, diteuteup ti hareup sieup. Ari ditingali ti tukang mah, cenah, meujeuhna mun ditalapung. Duka kunaon naha bisa kitu. Asih, biduan wedalan kampung nu ngadadak nanjung, mindeng tampil dina tipi. Robah pangadatan. Indung jeung bapa dipopohokeun.
Dina hiji peuting. Aya pangagung nagara nu pésta ulang taun. Ngahaja ngondang manéhna. Gutak-gitek, gual-géol badis panggal muter, motah dina panggung. Duit sawéran rabeng nyalampeurkeun, narapel saawak-awak. Ustad Colmétan, salakina, ngarasa reueus nénjo sakadang bojo nu pada mencrong. Teu disangka-sangka, bujur nu keur digéolkeun téh ngadadak bitu, sorana halimpu...


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013