Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

03 April 2014

Ngondang Rajapati

"Modar siah..!" gorowok Cia Kéng Hong, pedangna ngarah beuheung musuh. Arjuna teu ngagiwar, panarajang dipapag Pasopati. Lima poé lima peuting nu tarung euweuh nu kasoran. Ahirna baroseneun sorangan. Keukeuh harirup deui sanajan awak geus dicacag diwalang-walang ogé. Ajal teu daék mapag. "Lieur aing, meugeus lah!" ceuk duanana méh bareng.
Manusa, sato, jeung mahluk séjénna  euweuh nu paraéh. Awakna beuki kolot beuki karuat. Obat-obatan teu payu da euweuh nu gering. Tentara jeung pulisi ngécagkeun senjatana.

Perang ogé percumah, sakabéh senjata teu mampuh maéhan musuh. "Angka kematian nol dan angka kelahiran meningkat," kitu laporan tiap kapala nagara. Nagara béakeun lahan, dunya beuki heurin. Geus jutaan kali diayakeun saémbara tarung, silih paéhan. "Sono hayang paéh!" jalma patingcorowok. Imah gedong, kendaraan, jeung rajakaya meunang korupsi pada ninggalkeun. "Uing hayang paéh!" haréwos kokolot koruptor dina du'ana. Nganti-nganti Izroil nu keur ucang anggé di tungtung jaman.



No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013