Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

09 April 2014

Teluh Pemilu

Céng Abud nyaleg, kampanyé ka unggal kampung. Awur-awuran jangji. Loba nu daratang, ngaradon ménta duit. Euweuh nu teu dibéré. Galumbira, saruka bungah.
"Mun teu nyaleg mah, cadu kudu babagi duit jeung sembako. Aslina jalma pedit!" ceuk salah saurang warga. Omongan modél kitu bijil ti unggal sungut sanajan bari haharéwosan ogé. Tukang gosip beuki meuweuh.
Ma Ojoh asa boga ideu. "Abud, dagoan siah! Yati, anaking. Indung hidep rék males kanyeri ayeuna," gegerendengan sorangan. Terus asup ka enggon. Ngadon menekung bari meuleum menyan. Awakna ngagibrig kawas nirisan.
Rebo poéan nyolok. Alantri ka bilik sora. Cocolok paku kaciri lungséna. Anu seuri jeung nu jamotrot ngagabung di KPU.
Tabuh hiji kertas sora dibuka. Awak para caleg panas-tiris. Partéy heubeul jeung nu anyar silih udag jumlah sora. Ahirna partéy heubeul unggul. "Kita menang..!" ceuk Ketua partéyna.
Peutingna. Abud guling gasahan. Kokowowongan nandangan kanyeri. "Uluh, naha beungeut Céng Abud meni raca kieu?" ceuk nu ngamandian mayit.



No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013