Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

20 February 2014

Getih

Balik sakola, Si Cikal ngadon terus ngagojod di kamarna. Hésé diajak nyarita. Buad-baeud. Sakalieun pasanggrok di tengah imah gé, panonna mureleng kawas nu ambek. Matak bingung. Gancang ngutus indungna supaya apal asbabunnujulna budak ambek. "Kunaon Tétéh kawas nyeuseul ka Ayah?" tanya indungna. Budak tungkul. Ngadon ceurik. Indungna ngusapan sirah budak. Terus diolo. Ahirna wakca.
Di kelas, sakabéh murid kudu nerangkeun silsilah kulawargana. Saurang-saurang ka hareup. Lalancar. Palebah bagéan Si Cikal, manéhna ngahunted. Bingung kudu ngaku suku naon. Indung kuring China, sedengkeun bapa asli Pakistan. Mitoha awéwé urang Prancis. Mitoha lalaki asli Garut. Kuring jeung pamajikan dilahirkeun di Bandung. Pantesan Si Cikal pundung...




No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013