Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

25 February 2014

X-Mén

Keteyep. Embung kanyahoan ku nu keur diincerna. Noél taktak, malik, habek peureup nyayang kana caréham. "Aduh..! Lalawora sia téh, anjing!" manéhna ngocéak. Koléang, bru. Euweuh sasaha. Unggal juru dipencrong, lebeng. Naha saha nu bieu ngabongohan téh, gerentesna.
Nu ngincer jeung diincer silih incer. Galungan rasa. Awor. Roroésan. Ambek nyedek tanaga midek. Ngalungsar béakeun tanaga.
Ampun? Indit ti pakalangan? Ngawiwirang diri sorangan, moal! Gedé kénéh kawani.
Mending ngalawan sapaéhna. Awak ancur teu ieuh dipikiran. Gigibrig. Nu ngincer ngadeukeutan, beuki deukeut. "Éric, iraha sia rék tobat?" haréwosna kana ceuli. Taya jirim. Opat léngkah ti manéhna, Charles neuteup bari imut.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013