Aki Musani pupusna ba'da salat Subuh. Luhureun sajadah. Aya
warisan husus keur kuring. Titinggal karuhun turun-tumurun.
"Pék ieu keur hidep. Awas ulah sambarangan makéna!" saur
Aki. "Naha, Ki?" panasaran. "Éh, tong loba tatanya. Naon waé
bakal katingali aslina," bari mikeun kacamata. Jol teg wé dina haté,
boa-boa. Opat poé satutasna ngawaris kacamata, anjeunna ngantunkeun.
Najan inget kana amanat, kuring tetep panasaran. Unggal poé
kacamata dipapaké.
Beurang-peuting loba manggihan nu ahéng. Ibu-ibu di komplék,
létahna ngarancabang kawas létah oray. Sirahna teu otakan. Awakna baruluan.
Téténjoan sarwa robah. Embé ngagarimbung di pabrik-pabrik. Maung
maraké dasi, larsup di unggal kantor. Babi daragang di pasar-pasar. Ustad
sarihungan, pendéta tarandukan. Sagalana pikasieuneun.
Panasaran. Awak sorangan ditingali. Ngeunteung. Dungdak-déngdék
hayang awas. Anéh. Naha euweuh jirim? Gusti...!
No comments:
Post a Comment