Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

14 December 2013

Sakaratul Maut

Seungit ngadalingding
Nyambuang ka madhab papat
Hiliwirna nyingkahkeun karingrang dina rasa
Rét ka luhur
Tujuh widadari lumungsur
Mapag sukma nu geus béakeun umur
Imutna nu kareueut
Amis tanding madu
Ngilangkeun nyerina sakarat
"Allahu akbar..! Laa ilaaha ilallah..!" biwir ngucapkeun takbir panungtung
Lalaunan sukma ninggalkeun raga nu tanpa daya
Deudeuh raga...
Hampura kula...
Kusabab kalakuan kula anjeun jadi nista
Pileuleuyan...!


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013