Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

14 December 2013

Aborsi

Taneuh beureum masih kénéh muncugug
Cik kénéh aya tatangga anyar
Ngagolér gigireun
Ngan kahalangan sadeupa
Budak ngora
Awéwé 
Geulis waktu keur hirupna
Kiwari Si Geulis ngagolér
Nyorangan
Euweuh nu wasa maturan
Komo daék dikubur babarengan
Manéhna beunta
Culang-cileung...
Ngajerit niir langit
Ngocéak maratan jagat
"Mamaaaaaaah....! Papaaaaaah....!" gorowokna
Awakna adug lajer
Hayang leupas
Taneuh beuki ngagencét
Jul-jol abringan orok beureum
Ngarayap....
Ngadareukeutan...
Ngantay ngudag harigu Si Geulis
Parebut hayang nyusu
"Mah, nénén..! Mah, nénén...!" patinggerendeng
Harigu Si Geulis gorowong
Béak disasaak orok
Nu baheula digugur-gugurkeun



No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013