Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

13 December 2013

Ngulayaban

Nyah beunta. Karasa sagala robah. Gigisik. Reuwas. Naha kulit maruragan? Karasa lalinu. Tulang tarang diadu jeung tulang-tulang ramo. Nyobaan nguliat. Patingderekdek. Patempatan poék. Hareurin. Gebeg..! Hawar-hawar kadéngé nu keur ngaraji. Ngadu'a nyabit-nyabit ngaran kuring. Opat puluh poéna! Subhanallah. Kuring téh geus paéh. Ceurik. Euweuh cimata nu kaluar.
Lalaunan lawang kuburan muka. Aya cahaya patingburicak. Hésé béléké hudang. Maksakeun. Ngarayap kaluar. Ngangsrod. Puluhan cacing patinggulantung dina sungut, dina liang panon, jeung dina liang irung nu geus sumpung. Jurungkunung nangtung. Jumarigjeug. Ngaléngkah nuturkeun rasa. "Grrrkh...!" sungut hayang cumarita. Teu bisa.
Suku ngaléngkah. Asa ngalayang. Hayang manggihan anjeun. Sono. Banget sono pisan. Tong ngalieuk ka tukang! Kuring aya di dinya.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013