Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

13 December 2013

Rorongkong

Di dieu...
Handapeun tangkal Samoja
Jasad kuring tinggal tulang
Kulit, daging, urat, jeung sajabana béak dihakan cacing
Ngan tulang-taléng nu masih beleger
Nyusun mangrupa rorongkong
Hayang hudang
Carangkeul
Waktu panonpoé surup
Liang kuburan muka...
Lalaunan ngarayap kaluar
Hésé béléké
Leumpang jumarigjeug
Ngajugjug tungtung lembur
Ayeuna...
Rorongkong kuring aya tukangeun anjeun..!


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013