Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

15 December 2013

Haréwos ti Kalanggengan

Hujan ngaririncik ti soré mula. Angin suar-séor, sorana jiga suling, ngoyagkeun tatangkalan. Rada peuting hujan ngagebrét.  "Émut, Kang!" sora awéwé melas-melis ti hiji imah bari nyenyekel seureuh beureum. Waruga nu disebut akang, teu jauh ti bebegig sawah, ngagolér tanpa daya. Omonganana teu kaharti, puputeran jiga korsél. Sorana ngagerem, kadang-kadang babaung badis ajag leuweung.
"Tong sok daék nginum tina cai gentong ceuk aing gé! Indit siah ka parapatan, sugan aya rakit nyangsang di dinya," nu lalaki nyentak tipopolotot.
Kencling nu awéwé indit rurusuhan. Aya bohak dina haténa. Leumpang bari ngalamun. Anjog ka nu dituju. Nyampak sisir kawat sagedé tarajé. Geuwat disampeurkeun sanajan asa-asa. Gék diuk. "Entong ngadeukeutan aing siah! Najis awak sia mah," aya sora tanpa rupa. Gebeg manéhna reuwas. "Anjeun nu baheula maéhan aing dina jero beuteung. Naon dosa aing...?" sorana geueuman.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013