"Mbah, kumaha carana sangkan kuring bisa beunghar?"
tanya Kusno ka Mbah Caling. "Anjeun kudu maling mayit parawan!"
jawabna tandes. Les ngaleungit. Iblis seuri. Nambahan deui anak buahna. Guludug
patingbaranyay di langit.
Manéhna gilig. Aing kudu nékad, gerentesna. Yani, anak
tatanggana, mangkukna maot. Indit tengah peuting, rerencepan. Terus ngagali
rurusuhan.
Peuting nu réhé. Aya nu ceurik samar-samar. Réang sora-sora
nu nyarékan. Arambek. "Wawanianan siah," nompo kana ceulina. Anteng
ngali. Nyampak bugang.
Selengseng. Aya nu neumbrag irungna. Bau bangké. Asa-asa. Barang
bugang ditangkarakkeun…
“Hihihihihi… Aya pikersaeun naon, Kang? Yap, urang saré
bareng!” mayit nyarita. “Ampun…!” manéhna ngajerit. Ngagolér. Guludug
bebeledagan luhureun astana.
Beurangna. Engkus, lanceuk Yani, ngahaja néang kuburan. Unggal
poé mawa cai du’a dina botol. “Naha kuburan adi aing aya nu ngabongkar?” manéhna
kagét. Geuwat mariksa. “Hor…! Aya Si Kusno geuning?” salah saurang babaturan
Engkus nyelengkeung. Réang pabéja-béja yén nu maot parawan sok ménta wadal.
No comments:
Post a Comment