Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

24 December 2013

Béakeun Ideu

Pikiran baluweng, rus-ras ka mana mendi. Awak nyangsaya dina méga peteng. Teuteup kahalangan poék. Encan aya nu témbong. Peuting beuki jempling. Ududeun kari sapotong dina ramo, beuki mondokan. Nyarandé kana bulan, sugan aya caang. Guludug patingjelegur dina harigu.
Jorélat aya nu luncat kana uteuk. Embung leupas. Unggal digideugkeun beuki motah. Ngadon ngobét haté. Galur nu bihari nitis di kiwari.
"Ulah lunca-linci luncat mulang. Rék disusul ka mana waé ogé. Urang kudu ngahiji deui..!" hawar-hawar aya sora tanpa rupa. "Teu bisa kitu, anjeun geus lain-lainna deui..!" walon kuring tandes.
Kocéak. Aya nu ngajerit. Bréh jirim manéhna. Opat ratus taun henteu panggih. Geulis kénéh. Ombak sagara ngendag-ngendag haté. "Hampura, Dayang Sumbi..!" ngan wasa kitu kuring nyarita.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013