Salat Isa dimimitian. Imamna Bah Ata. Lila maca susuratanana. Imam
geus kolot. Hésé gancang.
Tarawéh karék sabalénan. Édég. Jama'ah mimiti noyég. Émén nyéréd
Momon, labuh. Hing ceurik.
Ikin, lanceuk Momon. Males nyéréd bari nyiku. Antukna nu solat
silih séréd. Maju mundur, jarogol.
Tajug eundeur. Inggeung. Gagaléongan. "Ulah hareureuy baé,
Siah!" imam ambek. Jep jarempé. Undang ngeteyep, mawa panakol bedug. Bus
di antara dua suku Émén nu keur sujud. Ari diuk, gorowok ngajerit. Ribut, nu
ceurik jeung nu sleuseurian.
Keuheul. Ambek. Ngulibek dina uteuk imam. "Awas siah, diwarah
ku aing!" gerentesna.
Barang keur sujud, suku imam néjéh ka tukang. Atuh puguh wé nu
dijejek reuwaseun. Lili, nu sirahna dijejek males ngajejek tukangeunana. Oyag
satajug, silih jejek. Nu pangtukangna nyurungkeun bujur nu keur ruku
hareupeunana. Gujubar imam kana balong sabab bilik tajug tobros.
No comments:
Post a Comment