Janari leutik geus tangginas. Anak-pamajikanna
diharudangkeun. "Wayahna geura masak! Apanan isuk mimiti puasa,"
pokna. Rada kerung pamajikanna, tara-tara narima paréntah kudu masak keur sahur.
"Alhamdulillah Gusti, geuning pun lanceuk geus insap," gerentes
pamajikanna bari gagancangan ka dapur.
Karesep salakina kabéh dijagragkeun. Abong nu kakara ngasaan
sahur, sagala digares. Hancengan barudak gé kapaksa dikurangan da katingali
masih kumétap. "Omat ulah batal puasana, nya?!" ceuk pamajikanna ka
barudak. "Tong loba teuing lulumpatan ngarah teu gancang lapar," ceuk
manéhna mamatahan.
Nepi ka lohor masih kénéh jagjag, deukeut ka ashar mimiti
nyengir nahan lapar. "Yi, kunaon jiga nu leuleus?" dahuanna nanya.
Otang seuri maur. "Beuteung peurih, Kang. Anéh. Ari baheula puasa ngebleng
juhpoé juhpeuting kuat...," jawabna. "Niat koncina mah, Yi!"
ceuk dahuanna.
"Puguh éta. Unggal Romadlon tara puasa, ari muasaan
élmu kadugalan mindeng pisan. Ampun Gusti Nu Maha Agung!" ceuk manéhna,
ngedeprek. Sujud bari istighfar. Aya nu ngintip dina lawang panto bari
carinakdak.
No comments:
Post a Comment