Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

08 July 2013

Manusa nu Sampurna

Sawarga? Yakin, lain tujuan. Anak-pamajikan sakadar titipan. Harta sakadar amanat. Aya nu diudag. Duka di mana. Atra tapi teu karampa. Teu apal kumaha carana.
Sok inggis. Harta jadi mamala. Awak katempuhan. Lali kana temah wadi. Apal bari teu jeung prakna. Tebih mikir jauh kana syukur.
Zig-zag. Amarah nu salawasna nyangkaruk dina haté. Kokorobét néangan lawang. Ambek nyedek tanaga midek. Tarung ngalawan hawa nafsu sorangan.
Poho kana jangji baheula. Unggal waktu teu leupas tina maksiat. Alam arwah eundeur. Seungit sawarga beuki ngajauhan. Angin ceurik ngabangingik.
Hé manusa..! Anjeun ulah paéh iwal dina kaayaan muslim. Jiwa muthmainnah, arasup anjeun kana rohmat Gusti Nu Maha Agung. Innalillahi wainna ilaihi rooji'uun..!


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013