Najan umur karék nincak welasan taun harita téh, dina sirah
geus rapang huis. Anéh puguh gé. Sagala obat jeung cara geus diupayakeun
sangkan normal deui, tetep teu metu. Ieu mah anugrah sugan, pikir téh. Bener
wé, diparengkeun loba awéwé nu ihlas jaradi kabogoh.
Nincak umur geus sawawa, kolot keukeuh nitah kawin. Unggal
balik ka lembur sok ditanyakeun iraha mawa pamajikan.
Bingung. Opatanana maraksa hayang dikawin, rido cenah.
Gareulis jeung saroléhah matak pikaresepeun mitoha. Apa jeung Ema reueus sabab
langsung boga minantu saopat-opat.
Popi jeung Noni, karesepna nyabutan huis. Anis jeung Rina,
rajin nyabutan nu hideung. Majarkeun téh, Akang mah ganteng mun huis wungkul,
ceuk Anis jeung Rina. Akang leuwih gagah mun buukna hideung, Popi jeung Noni kompak.
Jiga nu runding. Itu-ieu sarumanget. Keukeuh maraksa. "Ampun Gusti! Naon
dosa abdi?" gerentes téh.
Dua bulan saprak kawin. Unggal jalma kasamaran. "Anda
Dedi Corbuzer?" nanya bari héran.
No comments:
Post a Comment