Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

01 February 2013

Dalang Wayang Golek

Drupadi ceurik balilihan, reumbay cimata. "Aceuk mah asa wirang. Lahir-batin teu ridlo," ceuk Drupadi. Arimbi ngusapan sirah Drupadi. "Naha da abdi gé sami ngarasakeun. Geuleuh tur ijid pisan ka Si Ĕta téh," ceuk Subadra.
Waktu maranéhna keur jongjon curhat. Aya dayang ngabéjaan yén Bima sumping ka dinya. "Yoy, naha saria kabéh ngadon laléwéh? Aing hayang nyaho saha nu geus ngaganggu," sora Bima ngeundeurkeun kaputrén. Nu aya di dinya rareuwaseun, soak jeung sieun ningali tangtungan Bima nu jangkung badag. Gancang Arimbi nyampeurkeun, cedok nyembah.
"Goblog, kutan kitu kalakuan Si Ĕta téh?" ceuk Bima ambek pisan satutasna narima curhat Drupadi. "Okéh, ku aing rék diwarah, tuman pisan!" bari ngaléos rék mawa Si Rujak Polo. Luhureun panggung, Ki Dalang keur ngigelkeun wayang Arimbi. "Ĕdan, geuningan enya caritaan Si Drupadi téh," ceuk Bima bari ngaheumbatkeun Si Rujak Polo kana sirahna. Ki Dalang ngemasing pati, leungeun kéncana masih di jero samping wayang Arimbi.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013