Keukeuh haté panasaran saha manéhna téh. Unggal isuk sok ngajanteng hareupeun imah, ngahaja hayang maling rérét ka manéhna mun ngaliwat.
Aya geter nu béda, duka naon. Ingetan kumalayang kana jirimna. Najan dibangbalérkeun ku mikmin ogé, angger inget ka manéhna. Geuning kieu rasana jalma nu keur katerap panyawat tiseureuleu bogoh téh.
"Dun, ilaing apal ka Si Tinceu?" tanya batur sa-kost-an. "Ilaing mah sok nanya nu lain-lain, apal timana," cekéng téh. "Tinceu, nu buukna sacangkéng. Awakna nu séksi téa," ceuk manéhna. "Kumaha kitu?" panasaran, haté geus nebak saha-sahana. "Si éta kamari karazia di Taman Maluku," ceuk manéhna deui. "Innalillahi...!" teu kebat nyarita. Reup dunya poék, asa runtuh.
1 comment:
Fikmin anu kacida 'ngeusi', kuat ku pesan moral. Tegep Pa!
Post a Comment