Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

01 March 2013

Tajug Di Tengah Balong

Teuing geus sabaraha taun umurna, saurang gé euweuh nu bisa mastikeun. Aya selentingan nu nyebutkeun yén tempat éta dijieunna jaman karajaan Majapahit. Juragan Karta, nu boga balong, katitipan amanat ti karuhunna sangkan tetep miara. "Unggal waktuna, silaing kudu solat di dinya!" kitu cariosan ramana saméméh maot. Geus lima puluh taun Juragan Karta jeung tatanggana sok sarolat di dinya.
Dina hiji peuting. Incuna ngadon bobogohan di dinya.
"Tenang, Yang! Engga ada siapah-siapah," haréwos Cép Otong. Nu sosonoan jongjon poho kana tempat. Galura birahi diumbar nyacapkeun kapanasaran. Awakna baluligir. Hégakna beuki lila beuki ngerepan.
Barasat luhureun tajug aya cahya beureum, ngempur. Asup ka jero tajug. "Lain tempat keur kikieuan siah di dieu mah!" aya sora handaruan. Otong jeung kabogohna gancét, awakna rapet. Nu teu uni meunang hukuman. Geunjleung salelembur, isukna tajug robah wujud jadi pacilingan.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013