Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

08 February 2014

Mister(i) Tukul

Jalan-jalan teu parok jeung batur. Unggal tempat nu geueuman disampeurkeun. Ririwa diondang. Iblis diangkir. Genderuwo diajak ngobrol.
Cikikik nu kasurupan seuseurian. "Entong api-api siah. Nyaho aing gé. Tukang bohong saria kabéh. Ieu acara geus diséting ti awalna. Lamun teu ngaku, aing moal kaluar tina jasad manusa ieu!" ceuk nu kasurupan bari abrug-abrugan.
Dukun bingung. "Ieu saha?" manéhna nanya.
"Ih, ngadon nanya sia mah. Maenya dukun teu apal ka aing?" ceuk nu kasurupan. Ambek. Hiuk peureupna nojo caréham dukun.
Peureup noél gado dukun. Awakna ngoléang. Ngajoprak teu walakaya. Gurubug. Anéh. Ramo-ramona ngabentuk cakar maung. “Aing Simalodra! Naha saria ngadon arulin ka dieu?” sora Ki Dukun robah, kasurupan. Gagauran ngeundeurkeun jagat.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013