Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

03 February 2014

Kudu Ngawalian

Balik ka imah téh tengah peuting. Kasampak pamajikan jeung barudak geus talibra. Karék gé udar baju, ti luar aya sora nu ngetrokan panto. Duh, wayah kieu aya sémah cekéng téh bari muru panto. Barang bray panto dibuka, aya budak awéwé geulis kacida. Saumur-umur can pernah ningali nu geulis kawas kitu. Dangdanan jiga putri karaton, tapi ieu haté naha aya rasa deudeuh ka manéhna.
"Ayah........", cenah bari imut. Kuring olohok. Katingali dina kongkolak panon budak awéwé téh ngeyembeng cipanon jiga nu rék bedah. "Ayaaahhh...!", budak awéwé ngajerit bari ngagabrug kana lahunan. "Abdi pun Centring Manik, putri ayah ti Kangjeng Ratu Nirmala Sakti ti Nagri Sancang....". Gebeg! Kuring reuwas. Lalampahan 20 taun katukang aya tapakna. Sajongjongan kuring ngahuleng. Kadéngé deui sora nu halimpu, "Ayah, tilu dinten deui abdi badé nikah. Wayahna kedah kaditu. Walian abdi! Saéna mah, candak Mamah sareng adi-adi abdi nu ti dieu. Omat pisan!". Kuring unggeuk.
Nyi Centring Manik cengkat. Neuteup deudeuh bari imut. Mundur tilu léngkah. Less.... ngaleungit!


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013