Bajuna nu geus lalayu
sekar diusapan. Ujang gé hayang jiga Cép Husén. Didangdanan
dina poéan lebaran, ngarah ginding. Abring-abringan saruka bungah. Kadaharan
ngabarak di imah kari am.
Nyarandé dina lawang
panto bari nganteur lamunan. Ujang kasaréan.
Teuing kumaha mimitina,
manéhna bet jol aya di sabudeureun Masjidil Harom. Euweuh nu wawuh. Ujang
bingung.
Beretek ngulon, ngétan,
ngalér, jeung ngidul. Opat madhab disungsi néangan pangbalikan,
lebeng teu kapanggih. Gék manéhna diuk hareupeun Ka’bah, ngadu’a.
Aya nu nyampeurkeun.
“Bagéa, Kasép.
Apa bungah ningali hidep sabar jeung tawekal, tumarima kana qadar. Pék
bawa ieu emas berlian, duit, jeung baju keur anjeun!” ceuk anjeunna. Aleutan
beuki ngantay, nganteurkeun layon Si Ujang ka makam di tungtung lembur.
No comments:
Post a Comment