Nyerina liwat saking. Guling gasahan. Awakna karasa panas, nyebrét. Leng lieur, pangacianna kabur. Aya nu datang. Mapag bari imut. "Anjeun geus waktuna balik, hayu!" ceuk manéhna bari nungtun. Ngapung, ngalayang ka awang-awang.
Panasaran, rét ka handap. Aya nu ngajepat dina kasur bari digugulung. "Éta mah kuring!" gorowokna. "Hayu bisi kaburu nutup lawangna, tong luak-lieuk!" walon nu mapag semu rusuh.
"Coba sebutkeun ngaran anjeun!" ceuk nu jaga basa nepi ka gapura nu baranang. "Abdullah..!" jawabna pondok. Nu nanya terus muka léktop, néangan ngaran Abdullah.
"Wah, geuning can waktuna anjeun mah!" ceuk nu jaga bari nutup léktop. Anu mapag surti, gancang metot ngajak balik deui. Koléang jiga nu rag-rag. Teup, eunteup deui kana raga. "Ujaaaaang...!" kareungeu sora indungna. Nyah beunta. "Alhamdulillah...!" ceuk nu ngariung méh bareng.
No comments:
Post a Comment