Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

19 July 2013

Kamerekaan

Anu rék baruka puasa geus ngarariung di émpér masjid. Kolek jeung sabangsaning kadaharan ngabarak. Ibu-ibu sibuk ngaladénan nu haladir. Barudak pahibut, parebut. Aya nu nyokot dobel sagala, sieun teu wareg jigana mah. Teu aya nu nyésa, iwal ti piring, séndok, jeung gelas nu kalotor pabalatak.
Solat maghrib karasa eungap, hésé ruku jeung sujud. Aya nu ngusial dina beuteung. Gagancangan. Awéh salam, beretek ka cai. Lila nagog bari cungar-cengir. Adug lajer bari nyekelan beuteung.
Der tarawéhan. Imam jeung ma'mum sarua ripuh. Henteu bisa khusyu. Aya sora patémbalan dibarengan bau ngahiek waktu keur sarujud. Kabéh ébat. Anu tarawéh lalumpatan ka cai rék warudu deui. Nyampak di kulah, cai geus robah jadi angeun haseum.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013