Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

12 July 2013

Dosa Teu Kahaja

Subuh-subuh Ma Icih nanyakeun anakna. "Ari Si Junéd ka mana, Nyai?" tanya Ma Icih ka minantuna. "Leuh, muhun. Akangna ka kota. Meni rurusuhan," jawab minantuna. "Ema teu dibéjaan, naha?" ceuk Ma Icih bangun kuciwa. Teu loba carita, léos ka kamar, ngonci manéh.
Kapeutingnakeun Junéd balik, sagala dibeuli. "Ulah diganggu, ieu kongkorong emas keur Ema," ceuk Junéd ka pamajikanna.
Poé isukna. Awak Junéd panas tiris, terus gering ripuh. Nu ngubaran geus aya puluhna, teu metu. Geringna beuki parna. "Aing moal néang Si Junéd. Moal ngahampura!" ceuk Ma Icih waktu dibéjaan Junéd keur sakarat. Panon nu gering burial buncelik nahan kanyeri. "Urang duruk wé. Ragana kasiksa, karunya!" ceuk kokolot lembur. "Aduh, ulah diduruk anak aing!" ngadadak Ma Icih kaluar ti kamarna bari ngagabrug nu gering.

“Innalillahi wainna ilaihi rooji’uun!” ceuk saréréa. Nyawana leupas. Dina lahunan indung. “Ujang, ku Ema dihampura!” ceuk Ma Icih. Nyéh mayit imut. Gaur Ma Icih ceurik nembus langit.



No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013