"Paur uingah. Engké bisi nyebar panyakit. Kukituna,
wayahna kaum abah kudu maké ieu!", ceuk érté bari ngacungkeun babalonan.
Anu haladir bingung. "Naon maksudna?" saurang kokolot nanya.
Karerung. Olohok. Nyalengir. Dungdak-déngdék nénjo babalonan
nu dicepeng érté. "Omat, kudu maké ieu mun saré jeung pamajikan!"
gorowok érté. "Makéna kieu..!" ceuk si érté bari ngasupkeun curukna
kana babalonan tadi.
Inget kana papatah érté, Mang Sanip asa kahatéan pikeun
ngahucuhkeun karesepna ti ngongora. Ngahaja ka tempat langganana nu aya di kota
bari mekel balon satilu-tilu. Der ngalajur napsu ngumbar sahwat sangeunahna.
Orokaya, dua poé saentasna balik ti kota, manukna utah getih. Nanah ngabulaéh
sakalieun kiih di pacilingan. Érté datang ngalayad nu gering, bari tetelepék.
"Sugan téh geus eureun kana rucah téh, Mang!?" ceuk érté bari
ngilikan manuk nu ngalumbuk taya daya. "Ieu gara-garana mah. Aing asa aman
pédah curuk geus dibulen ku balon atah adol," ceuk Mang Sanip bari
ngalungkeun babalonan.
No comments:
Post a Comment