Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

27 June 2013

Lalakon Lutung Kasarung (23)

Lumpat ka hareupeun gawang musuh, ngudag bola operan. Aya nu néngkas. Labuh. “Anjing! Kunaon ngadon néngkas aing?” ceuk Si Utun bari hudang, muringis. “Oh, My God, sorry!” cenah bari mantuan Si Utun hudang. Nyaksian polah kitu, Si Utun ambekna leler deui.
Lumayan, gol munggaran keur timnas waktu wasit méré hadiah pinalti. Utun ngalakukeun sélébrasi ngurilingan lapang bari salto. Tim Arab katingali kuciwa. Utamana waktu nénjo kalakuan Si Utun. Nyerang bébéakan, timnas ripuh dicehcer bola-bola melentung. Gol keur tim Arab dina menit ka tilu puluh, skor hiji-hiji.
Kabéh pamaén geumpeur. Aya nu rék ceurik sagala da teu bisa ngudag bola. Saban lini dikawasa ku para pamaén Arab nu jarangkung. Anéh. Rata-rata dua menit sakali aya bola nu rék asup kana gawang, ngadon méngkol. Utun seuri, laju manéhna ngawatek Aji Kidang Pananjung. Ngudag bola muntah, dikocék sakeudeung, beledag ditajong sahabekna kana gawang lawan. Gooool… skor dua-hiji keur timnas!


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013