Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

01 May 2013

Kembar Tilu

Kanyaah beuki nambahan ka pamajikan saprak manéhna ngalahirkeun orok tilu sakaligus. Enya bagjana mah, ngan riweuh dina ngurusna. Maman, Mimin, jeung Mumun dibéré ngaran ku akina. Barudak téh tumuwuh pinuh ku kadeudeuh jeung kanyaah ti kulawarga besar kuring jeung pamajikan. Aya nu anéh, Maman gagah pisan, Mimin geulis camperenik, ari Mumun sakapeung jiga Maman sakapeung jiga Mimin. "Ripuh ngurus Mumun mah," pamajikan rumahuh.

Tilulas taun teu karasa, barudak geus mangkat rumaja. "Ibu, pangmésérkeun bedak sareng lipen setip nya?!" ceuk Mumun ka indungna. "Lepat mésér Si Ayah mah, kedahna calana pangsi sanés anderok kanggé abi mah," ceuk Mumun ka kuring. Usaha lahir-batin, satékah polah nempatkeun si bungsu kana jati dirina nu sayakti.



No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013