Sanajan bulan tuturubun mubus waktu
Sanajan béntang kalabur ka jauhna
Tetep katingali
Tetep karasa
Tetep karampa
Anjeun nu pernah ngeusian haté
Nu pernah sésélékét ti mangsa ka mangsa
Nu pernah kaimpikeun unggal saré
Nu pernah nyieun tali asih dina mangsa keur ngora
Baheula...
Enya baheula pisan...!
Sarébu taun kalarung
Kiwari...
Atma anjeun nitis ka hiji raga
Ngajanggélék jadi widadari modern
Geulis taya tanding
Éndah kabina-bina
Anjeun tetep anjeun
Sanajan dina raga nu béda
Sanajan dina pangawakan ngiwari
Sanajan dipolés wedak jeung lips stick
Anjeun tetep Dayangsumbi
Indung Sangkuriang nu kabeurangan
Anak urang keur manggung
Nyieun partéy peserta Pemilu kamari
Cenah jadi capes
Angger geuning...
Anak anjing mah tetep jiwana anjing
No comments:
Post a Comment