Amarah nguntab, ngahéab minuhan dada. Muncereng pinuh
kaceuceub. Burial buncelik. "Entong sambat kaniaya..!" pokna.
Kekerot.
Neuteup seukeut. "Yakin manéh aya kawani? Encan waktuna
ayeuna mah..!" aya nu ngahuit. "Digayem ku aingah! Engké atawa ayeuna
sarua kénéh. Ka dieu siah..!" nyorowok.
Tonjok, tajong, tampiling, jeung takis geus dina sawangan.
Ambek ngahuru haté. Nutungkeun kalbu. Awak ngadégdég. Gudag-gidig teu puguh.
Ancaman murudul tina sungut.
"Modddaaaaar siah..!" sebrut peureup ngarah irung.
"Ih, geuning Abah?!" ngarandeg. "Dék nonjok aing?" mitohana
nyentak. "Euh..euh...manawi téh sanés Abah," pokna. Kulapés.
No comments:
Post a Comment