Cileuh raméték ngahalangan cimata nu rék bedah. Antukna ngeyembeng na kongkolak panon. Lalaunan rembes, turun mapay pipi. Euweuh inghak. Gugurilapan katojo panonpoé nu rék lingsir.
Nyarita sorangan, nyanghareup Kulon. "Uing téh anggota déwan!" humaréwos kabawa angin soré.
Aya nu nyampeurkeun. Rugag-regog. Asa-asa. Sieun ngaganggu nu keur hulang-huleng. Uluk salam lalaunan. "Pa, diantos di ruang rapat!" pokna ngaharéwos.
Rumanggieung nangtung. Uyup-ayap néangan panyekel. Manéhna ditungtun ku nu maké saragem bodas. Awakna ngadarégdég. Hésé béléké ngaléngkahkeun suku.
Saratus jalma dikumpulkeun di tempat éta. Arahéng polahna. Karampanye. "Ibu-ibu, bapa-bapa, colok uing!" gorowok nu maké kaos bulao. "Tong hilap ka nomer hiji!" ceuk nu béwosan.
Jarogéd. "Inilah kisah sedih yang aku alami...," aya nu nyanyi. "Wayahna leungit duit reujeung kasempetan," aya nu mairan. Anu nyaranyi mingkin nambahan, ngeundeurkeun jagat perpolitikan nusantara.
No comments:
Post a Comment