Cacalawakan. Eureuleu teurab. Unggal usik dituturkeun teurab. Ripuh katingalina. "Intan, hampura Akang!" tina sungutna kaluar sora. Keclak cimatana getih kentel, hideung.
Teu jauh ti tempat éta. Intan, adi Dén Duyéh, ngaréngkol di émpér toko.
Jiwana kaganggu. Embung maké pakéan normal. Rubat-rabét satengah taranjang. Owah alatan harta warisan kolot béak ku lanceukna.
Kuliat manéhna hudang, jumarigjeug. Uyup-ayap néangan dahareun. Belewek tai ucing dihuapkeun, digayem jiga nu ngeunah. "Uluh, adi aing nepi ka kituna!" aya oray hideung nyorowok. Rét Intan neuteup nu anyar datang. "Aing apal saha sia. Nyingkah siah, gobloooog...!" ngajerit nembus langit katujuh.
No comments:
Post a Comment