Ngadatangan para dokter, tabib, jeung paranormal. Ubarna euweuh nu matih.
Boborot sagalana. Ongkos berobat geus béak ratusan milyar. Gunung Manglayang warisan ti karuhun gé kapaksa dilélang. Aya hiji ustad nu rék dijajal kabisana, Guntur Bumi.
Kocapna carita. Ayeuna uing geus aya di padépokan sakadang ustad. Keketrok kana panto. Uluk salam. "Assalamu alaikum..!" cekéng téh. Teu lila, panto muka. Aya nu ngabagéakeun, lalaki ngora maké pakéan khas ustad. Ngobrolkeun panyakit uing.
"Perlu biaya mahal ieu mah," pokna. "Insya Allah bakal séhat deui. Kedah zakat jeung shodaqoh dua milyar. Infakna ogé ulah hilap!" teu euleum-euleum. Rey beungeut uing asa panas, uteuk ngagolak. Awak si ustad ngacleng kana témbok. Ngajéngjéhé teu walakaya.
No comments:
Post a Comment