Harita...
Anjeun cumarita
Balaka sagalana
Kolot anjeun henteu doa
Teu rido mun anjeun dipigarwa
Naha enya urang téh silih pikacinta?
Boa ngan saukur ngalajur nafsu
Cinta ngan sakadar bungkus
Ngahalangan panénjo batur
Ngarah disebut alus
Harita...
Basa kuring balaka
Cinta urang moal lana
Cimata anjeun ngeyembeng
Lalaunan ragrag mapay pipi nu limit
Biwir anjeun kumeleter
Taya sora
Wilujeng kantun, Geulis..!
Sugan jaga urang patepung deui....
Anjeun cumarita
Balaka sagalana
Kolot anjeun henteu doa
Teu rido mun anjeun dipigarwa
Naha enya urang téh silih pikacinta?
Boa ngan saukur ngalajur nafsu
Cinta ngan sakadar bungkus
Ngahalangan panénjo batur
Ngarah disebut alus
Harita...
Basa kuring balaka
Cinta urang moal lana
Cimata anjeun ngeyembeng
Lalaunan ragrag mapay pipi nu limit
Biwir anjeun kumeleter
Taya sora
Wilujeng kantun, Geulis..!
Sugan jaga urang patepung deui....
(Vijayakusuma, 15 Maret 2014)
No comments:
Post a Comment