Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

26 March 2014

Paguneman Haté

Aya cahya ngolébat. Blus kana haté. Dok-dak di jero. Inggeung awak.
Koléaaaaang, gubrag! Usek-usekan kawas nu sakalor. Raga kasiksa. Istighfar murudul tina sungut. Narikan. Gagauran.
Usik, bray beunta. Ilang sakabéh rasa. Nyaliksik, nalungtik bisi aya nu tatu. Gigibrig.
Dosa geus kalampah. Éra ku Nu Maha Kawasa. Wayahna kudu narima akibat tina sabab. Égo geus kumawasa. Kaluar tina tetekon.
Jol aya sora. "Entong noongan waé bohong. Ulah nyumput dina rumasa. Ngaji diri di dinya!" écés pisan. Gura-giru cengkat, beberesih.
Angin humiliwir jeroeun dada. Inten berlian kapanggih deui. Ngagoréhél. Gugurilapan nyaangan dunya.


1 comment:

icyvalenta said...

Harrah's Casino & Hotel - Mapyro
Find your way around the 전주 출장샵 casino, 서울특별 출장샵 get to know the people, get information, directions, and more about Harrah's 당진 출장안마 Casino & 평택 출장마사지 Hotel 여주 출장마사지 in Hanover.

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013