Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

30 March 2014

Jangar

Teuing kunaon, mindeng nyeri sirah, uteuk nyanyautan. Henteu apal sabab-sababna mah. Embung ka dokter deui, sieun disuntik..!
Panon karasa asa nolol mun geus kumat panyakitna. "Omat, ulah sok rajeun museurkeun pikiran!" amanat aki saméméh maot. Watir ku diri sorangan. Entong loba teuing mikir, cenah. Rada anéh puguh gé naha teu meunang mikir.
"Oh, my God..!" ceuk salah saurang profésor nu ngahaja didatangkeun ti Jérman ku Abah semu kagét. "For doing some thing, you... just mikir sedikit," cenah deui baé.
Omongan profésor éta bet jadi pikiran. Uing jadi mikir, museurkeun pikiran kana hiji titik. Riyeg dunya inggeung, uing ngajanggélék jadi Suparman, aéh Supermén!

Melesat ka jomantara, ngapung ngawang-ngawang. Imeut ningalian pulo-pulo nu aya di nagri Indonésia. Naha Pulo Jawa bet euweuh? Duka ka marana urang Sunda?



No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013