Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

26 March 2014

Singhoréng

Jutaan sora humaréwos dina sirah
Gumerendeng
Patingjelengéng
Ngendagkeun uteuk
Sora anjeun pangtarikna
Pinuh katugenah
Gogorowokan
Nyarékan
Duka ka saha
Duka ka urang mana
Uteuk kuring ngagolak
Téténjoan patingburicak
Réwuan gambar ngarangkleung
Dina kongkolak mata
Gambar anjeun pangbéngrasna
Ngudupung luhureun kasur
Nangkeup guguling
Seuneu amarah ngabulen awak nu lenjang
Ngahuru kasur
Tutung
Kuniang hudang
Gugupay kana ranjang
Jleg...!
Jadi lodaya nu matana ngagebur
Nyanggéréng
Horéng huntuna dibéhel..!
(Vijayakusumah, 26 Maret 2014)



No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013