Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

21 March 2014

Nyandung Kapaksa

Haji Komar tos tilu bulan gering parna. Awakna kuru tapi beuteung mendeyang. Dokter, dukun, jeung paranormal taya nu sanggup ngubaran. Isuk-soré, beurang-peuting, gegerungan. Ambu Fatimah jeung Néng Salma saratia ngurusna. Hayang nulungan ngan teu apal kudu kumaha.
"Mun aya nu bisa ngubaran kuring. Opat puluh persén kakayaan rék dibikeun. Jeung rék dikawinkeun ka anak kuring," nu gering nadar. Aya béja kitu. Ngalabring nu ngaradu milik. Garagal.
"Komar! Entong salempang. Utus anak anjeun pikeun nepungan hiji lalaki nu boga ngaran Habib Angin. Ramo sakti manéhna nu bakal ngabébaskeun panyakit anjeun," hiji peuting Haji Komar ngimpi kadatangan akina. 
Néng Salma teu talangké, gancang néangan alamat éta lalaki. Unggal tempat disungsi nepi ka kapanggihna.
Ngan saukur diusap. Goak Haji Komar ngajerit. Utah uger. Beuteungna ngadadak kempés. Awakna cageur harita kénéh. Rét ka nu ngubaran. "Anjeun kudu kawin ka anak kuring!" pokna. Ngahuleng, beungeut pamajikanna kumalayang dina kongkolak panonna.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013