Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

22 March 2014

Pemilu 2014

Teu arapaleun rahayat mah. Ongkos pemilu téh mahal. Ngagasaban hak fakir-miskin. Gegedéna dipalingan ku para inohongna.
Partéy jlug-jleg. Embung tinggaleun. Rabeng kawas siraru. Caleg-caleg lalégég. Asal boga duit. Yakin bakal dipasang nomer jadi. Awéwé ogé pipilueun.
Kampung-kampung disungsi. Anu jauh dijugjug. Nu anggang ditéang. Anéh puguh gé.
Jul-jol nu datang. "Abdi pilih, omat!" cenah. Ngamplopan. Gedé mah henteu. Jiga nu heueuh. Iman jalma diuji.
Perang baliho. Ampir di saban tempat. Rupa-rupa momonésna. Aragul ku photo diri.
"Colok abdi..!" ceuk Nyi Surti. Aktipis anyar ti hiji partéy. Lunggak-linggek dina panggung kampanye. "Entong hilap, nya?!" cenah bari kulat-kelét. Geulis kawas artis.
Dua poé deui kana waktuna nyolok. Imah Nyi Surti kabangsatan. Nu dipaling lain harta banda. Awakna raca urut nyolokan.

Kapolrés bingung. Ahli kriminil hulang-huleng. Mariksa tékapé gemet pisan. Panasaran. "Apal beungeut penjahatna?" pulisi nanya. Nyi Surti gideug. "Ya, sudahlah. Engkau telah mendapatkan apa yang kau minta," ceuk pulisi bari baralik.



No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013