Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

21 January 2014

Nu Embung Ditulungan

Wanci janari leutik. Aya nu nyoloyong ti tengah sagara. Kapal badag kacida. Tuluy ngangsreg ka tengah kota nu keur kabanjiran. Unggal tempat disungsi, rék nulungan manusa jeung sato nu masih kénéh harirup.
Kabéh manusa nu kapanggih pasti diasupkeun kana kapal. Asal bisa ngajawab pananya nakodana: Pangéran anjeun saha? Ageman anjeun naon? Lampah saha nu panghadéna kudu diconto?
Ngarangkleung dina umpalan cai nu beuki motah. Awéwé, lalaki, kolot,jeung budak patingkerebek. Bangké sato jeung layon manusa pacampur. Ilang sagala kahormatan diri waktu keur hirupna.
Naon nu baheula dipikasieun, ayeuna bukti. Unggal tempat laun-laun nyagara. Hujan teu daék eureun.
Nalika kapal ngadeukeutan Monas. Galéong kapal rék tikelebuh. Anéh. Réang istighfar. Opat jalma anjeucleu luhureun tugu. Narangtung. Gugupay ka luhur. “Hayu asup kana kapal..!” ceuk Nakoda. “Érék nungguan tali ti langit kuring mah,” jawab maranéhna. Angin ngagelebug lilimbungan. Parahu badag kaangkat, laju ngapung ka jomantara.



No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013