Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

18 January 2014

Banjir

Cai ngepung kota. Ngalabring. Gogonjakan. Gogorowokan. Darémo. "Tong miceun runtah sambarangan..!" ceuk lulugu cai. Patingcorowok. Euweuh nu miroséa. Maranéhna mimiti ambek. Sagala ditubruk. Sagala dibabuk. Diséréd. Euweuh nu diliwat. 
Rahayat bingung. Bupati jeung walikota parias. Gubernur ngungun. Persidén saperti biasa gancang asup kana tipi. Pidato. "Saya ikut prihatin," cenah. Peun.
Lulugu cai asa disapirakeun. Kanal-kanal dijebol. Istana dijorag. Arasup ka jero. Pasukan cai beuki rosa. Wadyabalad leutak pipilueun. Babarengan ngaruksak tempat saré persidén. 
Peutingna, persidèn ngimpi. Kadatangan sepuh nu cahya rarayna hurung mancur. Saur anjeunna,"Hèh, SBY..! Banjir tén lain cai samanèa. Èta tèh cimata rahayat manèh..!"


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013