Dina hiji riungan. Barudak rumaja, awéwé lalaki, ngarumpul pleus ngarumpi. Léok obrolan kana masalah ngaran. Hiji-hiji dipaksa ngaranna diémbohan awalan 'En_' ku luluguna.
"Endang..! Ka hareup!" gorowokna. Jang Dadang nyampeurkeun.
"Entit..!" cenah. Nyi Titi gura-giru ngadeukeutan.
"Entat..!" cenah. Nyi Tati nuturkeun Nyi Titi.
"Endun..!" cenah. Jang Adun gancang ngaréndéng jeung Jang Dadang.
"Enjang..!" cenah. Jang Jajang geuwat nangtung gigireun Jang Adun.
Aya salah saurang pamuda nu élékésékéng di tukang. Késang renung dina tungtung irungna. Manéhna ngaharéwos ka babaturanana, "Anjir, ngaran aing Todi. Kumaha engké aing dipanggilna?"
No comments:
Post a Comment