Dua bulan manéhna prakték. Aman tur lancar sagalana.
"Kang, anteur uing nepungan Mbah Rahul," ceuk Ki Sobat nu keur galow. "Ayeuna?" diheureuyan. "Pagéto wé..!" jawabna kuraweud. Ambek jigana mah. "Nam atuh..!" cekéng téh. Gura-giru dangdan sahayuna. Gancangna carita, nepi wé ka nu dituju. Imahna nenggang, jauh ti tatangga. Harieum mungguh pikasieuneun.
"Bagéa, Anaking! Opat ratus réwu sajam pikeun konsultasi," jol pasang tarif. Héran, karék gék geus diasongan harga. Olohok duaan, papelong-pelong. Naha asa wawuh kana keureutan beungeut jeung dedeg pangadegna, haté tumanya. "Geuning ieu téh Abah..?!" gorowok Ki Sobat. Ngarénjag pribumi. "Adun, bawa tah lima juta keur incu aing..!" ceuk pribumi bari ngalungkeun gepokan duit.
No comments:
Post a Comment