Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

23 January 2014

Mutant

Cenah, barang gubrag ka dunya. Uing langsung bisa lulumpatan. Capétang. Loyor liwat saking. Lucu tapi pikasebeleun. Badis budak umur lima taun.
Beuki gedé beuki karasa bédana jeung batur. Batur mah harayang sakola. Uingah mugen. Keur nanahaon sakola. Geuning guruna gé barodo. Pilakadar ditanya naha uing béda ti nu séjén. Euweuh nu barisaeun ngajawab. 
Hirup asa nunggelis. Teu boga sobat. Sarieuneun. Pédah mun ambek. Ngadadak awak kahuruan. Naon waé nu deukeut, pasti tutung. Mun sakalieun keur ngarumpul. Heug uing nyampeurkeun. Lalumpatan. 
Apal kitu. Uing tara lunta deui. Sapopoé cicing di imah. Nyorangan di kamar. Ngatik diri. Ngawasa kakuatan nu nyamuni dina awak.
Hiji waktu ema ribut. Gas béak. Teu bisa masak. "Teu kedah bingung, Ma. Ku uing dibantu," cekéng téh. Katél, langseng, atawa panci. Cukup disuhun. Lima menit geus arasak.
Kiwari, tatangga salembur ngantay ka imah bari marawa pasakeun.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013