Orang BESAR bukanlah orang yang namanya dikenal di mana-mana, bukan pula seorang tokoh yang banyak dikagumi orang-orang karena préstasinya. Orang Besar adalah orang yang mampu melenyapkan dendam di hatinya, mampu melupakan dosa orang lain, serta selalu introspéksi diri setiap saat.

28 January 2014

Téhnik Mikmin

Rét deui kana runtuyan ungkara nu ngajajar. Éndah, gerentes haté. Neuleuman unggal kecap. Jangar. Aya nu ngulibek dina sirah. Gagaro. Ateul mingkin rosa. Narolol para tokoh carita.
Lalumpatan. Embung dibawaan deui. "Maenya aing dijadikeun waé tokoh jahat?!" aya nu protés. Endun, tokoh jahat dina Carita 'Sangkuriang Nyandung', kukulutus. Simalodra ngagerem tukangeun.
Dua ngaran ngaririwaan uteuk. Implengan kaganggu. Nu protés terus ngabuis, nyésakeun katugenah dina diri. Aya niat rék ngawarah, tuman!
"Heug, sia rék dijieun tokoh pahlawan!" cekéng téh. Indung leungeun Si Endun langsung ngacung. Jaka Sembung teu satuju. "Ieu bakal ngaruksak jalan carita," ceuk manéhna.
"Cikan, kumaha atuh hadéna?" panasaran. "Aing kudu neunggeulan heula Si Endun!" walon Jaka Sembung. Ramé nu galungan. Itu ieu silih babuk. Teu hayang misah. Aingah jongjon nuliskeun kalakuan maranéhna.


No comments:

 
© 2013 Catatan Angin Manglayang | v580 | titiwanci: 23/06/2013