Panto dibuka lalaunan. "Entit?" kuring kagét. Rada cangcaya. Naha peuting-peuting nganjangna? Angin karasa beuki nyecep. Hiliwirna nyambuangkeun seungit malati.
Nyéh imut, ngarangkul. Embung leupas. Pageuh dibarung deudeuh. Ungkara rasa nu baheula ngamalir deui dina tangkeupan. "Naha meni wengi atuh ka dieu téh?" kuring ngaharéwos. Gigideug. Awakna tiis, nangkeup beuki rapet. Ngagukguk ceurik na dada, cimatana karasa caméwék.
Tangkeupan karasa jadi ngeplos. Entit leungit jirimna. Ngereles teu pupuguh, ngan dina dada aya urut cipanonna. Gebeg. Awak ngeleper, reuwas. Haté tagiwur.
Pabeubeurang aya telepon ti Jang Iwan. "Entit tadi wengi tos pupus, Kang! Ulah bendu réhna rada telat ngawartosanana," sorana dibarung inghak. "Teu lepat? Innalillahi wainna ilaihi rooji'uun..!" pok téh. "Nembé dikurebkeunana gé!" ceuk Jang Iwan. Galéong... gubrag kuring teu inget di bumi alam.
No comments:
Post a Comment